Sababaraha poé ka hareup, pasangan Ayep Zaki - Bobby Maulana bakal diistrénan ku Presidén Prabowo Subianto salaku Wali Kota jeung Wakil Wali Kota Sukabumi periode 2024-2029. Lamun aturan diistrénan tanggal 6 Februari 2025 rampung, salah sahijina kudu ngaganti Perpres No 80 Taun 2024.
Ngan arék diistrénan jadina tanggal 6 Februari atawa bulan Maret ogé, keukeuh baé dina taun 2025, Kota Sukabumi bakal miboga deui pamingpin anyar anu baris mawa Kota Sukabumi kana hal anu dicita-citakeun sakumaha kaunggel dina visi jeung misi pasangan Ayep-Bobby.
Hal anu alus, salah sahijina, lamun pamingpin anyar ieu lain saukur bisa ngabuktikeun hal-hal anu diébréhkeun dina visi jeung misi ieu pasangan, ogé kudu neruskeun hal-hal alus anu geus dilakonan ku pamingpin saméméhna.
Sok komo, sababaraha waktu ka tukang, pasangan Ayeuna (Ayep Zaki - Bobby Maulana) geus tatahar baris ngaakomodir sakabéh unsur keur mawa ieu kota kana hal anu dipikahayang.
Ku niténan kana hasil Pilkada Kota Sukabumi 2024, pasangan Ayep-Zaki anu dirojong ku sababaraha partéy politik; PDIP, NasDem, PPP, PAN, PSI, jeung partéy politik sarta OKP lianna pinunjul jadi calon anu dipilih ku masyarakat kalawan siginifikan tibatan dua pasangan sejénna. Sacara politis, hal ieu netelakeun pasangan Ayeuna meunang pangrojong ti ampir satengahna warga kota.
Ngan, sistim pemilu kiwari teu ngagem stambus accord, da sistim pemilu sakumaha aturan jeung undang-undang anu aya nyaéta seja milih pasangan calon anu leuwih pinunjul jeung panglobana sora dibanding calon-calon anu séjénna.
Wilujeung kanggo Pa Ayep Zaki sareng Kang Bobby Maulana anu baris diintrénan janten Wali Kota sareng Wakil Wakil Wali Kota Sukabumi 2024-2029, mugia dina sajeroning mancén tugas dipaparinan kakiatan.
Sanajan ngan béda 1 sora ogé, keukeuh baé anu jadi pinunjul dina Pilkada Kota Sukabumi téh nyaéta pasangan anu panglobana dipilih ku anu boga hak pilih. Hiji hal anu kudu dipihormat, lamun enya urang salaku jalma anu arék nanjeurkeun démokrasi kalawan bener.
Hal penting anu kudu dilakonan ku pamingpin Ayeuna nyaéta, ngayakinkeun masyarakat ku nyumponan naon baé anu diguar dina waktu kampanye. Komo lamun nénjo kana misi anu kudu dicumponan ku pasangan Ayep-Bobby seja ngaronjatkeun niléy PAD atawa pendapatan asli daerah, hiji hal anu kudu bener-bener dikokolakeun jeung tangtu baé kudu dibuktikeun dina mangsa ka hareup.
Sababaraha pasualan anu bakal ka sorang ku pasangan Ayep-Bobby dina ngokolakeun jeung ngurus Kota Sukabumi di antarana; ngabebenah infra-struktur Kota Sukabumi utamana pasar jeung patali marga.
Ngabéréskeun kumaha beuki rongkahna PKL/Pedagang Kaki Lima anu beuki nyéréd ka puseur dayeuh anu beuki minuhan trotoar jalan-jalan protokol, nambah jeung ngaronjatkeun pendapatan asli daerah, jeung kudu bisa ngawangun hiji tata rohangan publik Kota Sukabumi anu pikabetaheun.
Dina widang seni jeung budaya, dina prakna kampanye sababaraha bulan ka tukang, pasangan Ayep-Bobby ngajangjikeun, arék ngaakomodir pelaku seni jeung midangkeun rupaning Kasenian Kota Sukabumi, kaasup ngovergénsikeun antara seni tradisional jeung modérn.
Geus tangtu lain saukur wacana jeung ngawangun kahayang wungkul, ogé boga pancén beurat, nyaéta ngagali poténsi-poténsi seni jeung budaya anu ngakar di masyarakat. Budaya-budaya lokal kudu digali jeung kudu boga stratégi anu hadé kumaha cara ngaronjatkeunnana.
Keur ngawujudkeun naon anu dipiharep, dina raraga ngawangun Kota Sukabumi mémang ngabutuhkeun partisipasi jeung rempug jukung warga masyarakat.
Lamun hal éta teu dilakonan, naon anu kaunggel dina visi jeung misi pasangan Ayep - Bobby geus pasti ngan saukur catur tanpa bukur.
Cindekna, masyarakat geus pasti bakal ngarojong kana sagala kawijakan anu mihak jeung nguntungkeun sakumna warga Kota Sukabumi. [ ]
Posting Komentar
Posting Komentar