Kota Sukabumi, ti tanggal 20 Februari 2025 geus miboga Wali Kota jeung Wakil Wali Kota anyar. H. Ayep Zaki jeung Bobby Maulana salaku pasangan calon pinilih dina calagara Pilkada 2024. Duanana geus diistrénan di Istana Kepresidenan, Jakarta ku Présidén Prabowo Subianto.
Jenengna Pa Ayep jeung Kang Bobby jadi pupuhu di Kota Sukabumi tangtu baé lain dihasilkeun ku waktu anu sakedét nétra, tapi ngaliwatan hela pasualan-pasualan anu aya patula-patalina jeung tahapan Pilkada.
Geus ilahar, anu kapilih atawa pinunjul dina Pilkada boga pancén rongkah, utamana kudu ngawujudkeun jangji politik nalika dibetuskeun waktu kampanye sababaraha bulan ka tukang. Malah, sok remen di nagara urang mah, anu ngaranna pamingpin anyar kapilih ti tingkat kota nepi ka nagara sok pada nagih ku masyarakat sangkan bener-bener ngawujudkeun naon anu dikedalkeun dina Visi jeung Misi.
Keur ngawujudkeun naon anu dikedalkeun dina Visi jeung Misi Kota Sukabumi tangtu lain pasualan gampang lamun hal ieu henteu dirojong babarengan ku gawé rancagé. Da, anu diperlukeun ku hiji nagara, provinsi, kota, atawa kabupatén lain saukur dipulas ku catur tanpa bukur tapi ku prak nyata sakabéh anasir dina ngokolakeun wewengkonna sorangan.
Dina méré kamandang jeung pikiran kana kaayaan Kota Sukabumi geus tangtu jalma kabagi kana rupa-rupa golongan. Aya anu hayang ngabebenah jeung merenahkeun pangwangunan fisik, aya anu boga kahayang sangkan kota ngawujud jadi kota anu beresih, aya anu mikahayang ngaheulakeun pangwangunan ékonomi, ogé aya anu boga kamandang pasualan ruhani jalma anu sakuduna diwangun di ieu kota.
Hartina, lobana hal anu dipikahayang ku warga kota tangtu baé henteu bisa diréngsékeun dina waktu anu sakeudeung atawa samporét komo ngan saukur ku nagih jangji. Ngawangun hiji wewengkon geus tangtu merelukeun tanaga jeung pikiran warga kota. Ceuk basa kiwari mah, merlukeun kolaborasi atawa rempug jukung sauyunan.
Pa Ayep jeung Kang Bobby sok sanajan salaku pupuhu di ieu kota lain harti mangrupa dua urang jalma pang bisa sagala rupana. Terus, tug nepi ka engké réngsé ngalungguhan jabatanna masih aya sababaraha hal anu can bisa dibebenah, lain hartina pupuhu ieu kota mangrupa pamingpin anu teu bisa nanaon.
Kusabab pasifatan-pasifatan jalma anu disebutkeun tadi tetep nerap dina diri Pa Ayep jeung Kang Bobby, urang salaku warga kota kudu bener-bener mintonkeun dua hal ogé, ngarojong nalika kawijakan bener-bener alus jeung ngélingan ku cara anu hadé nalika aya kawijakan anu teu pati karasa ku warga kota.
Hiji wewengkon moal cukup diwangun ku saha baé ogé nalika masih kénéh dieusi ku padungdengan, rarécét, komo nepi ka paraséa marebutkeun paisan kosong. Malahan aya hiji hal anu bisa disebut hadé pisan lamun sikep politis henteu minuhan teuing kahayang masing-masing golongan. Bener, Wali kota jeung wakil wali kota mangrupa jabatan politis, tapi nalika geus jumeneng mah pasualan politis geus waktuna kudu diécagkeun hela sangkan tujuan utama ngawangun ieu kota nepi jeung kahontal.
Henteu kungsi nunggu kana sababaraha jam, réngsé diistrénan, Pa Ayep biantara dina rapat paripurna DPRD, cindekna kieu: pancén ka hareup lain lumayan, henteu bisa disanghareupan ku émprak saukur ngandelkeun sabeulah leungeun, kabéh anasir boga tanggungjawab dina nguatkeun tihang papancang ieu kota sangkan ngawujud jadi kota anu bener-bener kuat dina sagala rupa hal.
Kota Sukabumi kudu diwangun ku tali duduluran, lain ku megarkeun pacogrégan tapi silih rojong. Cocog pisan jeung anu diucapkeun ku karuhun urang: ulah pagiri-giri calik jeung pagirang-girang tampian dina ngamajukeun hiji hal tapi urang téh kudu nyaluyukeun diri jeung kaayaan.
Kusabab Pa Ayep jeung Kang Bobby miboga tagline: Ayeuna Waktuna, mangka nata jeung ngawangun Kota Sukabumi Anyar teu bisa diengké-engké. Ceuk barudak millenial mah: kudu digaskeun. Ngan tetep wé kudu dibarengan ku rasionalitas, kudu kahontal ku akal, kaharti ku pikir.

Sering menulis hal yang berhubungan dengan budaya, Bahasa, dan kasukabumian.
Informasi Lainnya

Terbaru
Memuat...
Popular
- Food Court Halal: Langkah Strategis Meningkatkan Ekonomi dan Kesejahteraan Warga Kota Sukabumi
- Kebijakan Pelonggaran Penjualan Elpiji 3 Kilogram oleh Presiden Prabowo Subianto
- Pelantikan Kepala Daerah Terpilih , Bagaimana dengan Kota Sukabumi?
- Pelatihan Senam Anak Indonesia Hebat: Menanamkan Kebiasaan Sehat Sejak Dini
- Pelatihan Kewirausahaan UMKM di Kota Sukabumi: Langkah Strategis atau Tantangan Baru?
Posting Komentar
Posting Komentar